contoh wawangsalan eusina kurudung eusina kuku
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Wawangsalan nyaeta salahsahiji rupa tina sisindiran. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta wawangsalan, paparikan jeung rarakitan. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan.
Ditilik tina maksud atawa eusina, aya tilu rupa eusi sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Di handap ieu nyaeta conto dua wawangsalan anu wangsalna kurudung jeung kuku :
Nutupan buuk awewe
ulah sok pundung ka kuring (wangsalna kurudung)
Mun geus panjang sok digunting
kuring sieun teu diaku (wangsalna kuku)
Belajar lebih banyak tentang "Sisindiran Wawangsalan" dalam bahasa Sunda di :
https://brainly.co.id/tugas/2744152
https://brainly.co.id/tugas/6049224
https://brainly.co.id/tugas/12752417
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : VIII (2 SMP)
Kata Kunci : Sisindiran, wawangsalan