B. Daerah

Pertanyaan

kalimah dihandap anu kaasup kecap rajekan dwireka ,nyaeta
a)anu janten sesepuh di kampung cimandiri, nyaeta bah arnasan
b) manggih naon nyai,cungar cengir sorangan?
c)geningan nu diondang teh ngan ukur bapa bapa?
d)isuk isuk keneh ma icih geus indit ka sawah

1 Jawaban

  • Kalimah anu kaasup kecap rajekan dwireka nyaeta "(b) manggih naon nyai, cungar cengir sorangan?". Kecap rajekan dwireka kaasup kana kecap rajekan dwilingga. Aya dua rupa kecap rajekan dwilingga nyaeta kecap rajekan dwimurni jeung kecap rajekan dwireka. Kecap rajekan dwimurni nyaeta kecap rajekan anu dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora. Sedengkeun kecap rajekan dwireka nyaeta kecap rajekan anu dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora.

    Pembahasan

    Salian ti kecap rajekan dwilingga aya sawatara rupa kecap rajekan lianna nyaeta anu disebut Kecap Rajekan Dwipurwa, Kecap Rajekan Dwimadya sarta Kecap Rajekan Trilingga. Kecap Rajekan Dwipurwa nyaeta kecap rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana, Kecap Rajekan Dwimadya nyaeta kecap rajekan anu dirajek engang tengahna, sarta Kecap Rajekan Trilingga nyaeta kecap rajekan anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna.

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon anu dimaksud kecap rajekan brainly.co.id/tugas/16020332
    • Conto kalimah tina kecap rajekan brainly.co.id/tugas/948238
    • Kecap rajekan nu merenah dina kalimah brainly.co.id/tugas/16619360

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IV

    Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan

    Bab : 8

    Kode : 4.13.1

    Kata Kunci : Kecap rajekan dwireka

Pertanyaan Lainnya