contoh sajak anu lobana 5 bait dina sabaitna 5 baris,temana guru
B. Daerah
nettyheryaty41
Pertanyaan
contoh sajak anu lobana 5 bait dina sabaitna 5 baris,temana guru
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina sastra Sunda, sajak nyaeta wangun puisi nu henteu kaiket ku aturan, saperti aturan nu aya dina pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan. Jadi, sajak teh nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.
Sanajan sajak henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, dina sajak, sabenerna loba pisan aturan jeung panduan anu husus, anu beda jeung guru lagu jeng guru wilangan. Aturan atawa panduan husus nu aya dina sajak, nyaeta saperti unsur intrinsik, rupa-rupa atawa klasifikasi sajak, jeung panduan pikeun nyieun sajak.
Unsur intrinsik nu aya dina sajak nyaeta tema, nada, rasa, jeung amanat. Rupa-rupa atawa klasifikasi sajak nyaeta saperti sajak lirik, sajak epik, sajak dramatik, sajak satirik, jeung sajabana ti eta. Sedengkeun panduan nu aya dina nyieun sajak, nyaeta yen dina nyieun hiji sajak perlu merhatikeun unsur-unsur saperti imaji, simbol, irama, tema, gaya bahasa, wirahma jeung purwakanti.
Sanajan dina sajak oge loba aturan jeung panduanana, tapi kusabab sajak, saperti oge kawih, mangrupakeun wangun puisi anu bebas, kukituna aturan atawa panduan anu aya dina sajak henteu pati ngiket sajak sapageuh guru lagu jeung guru wilangan anu ngiket pupuh.
Sanajan aturan jeung panduan nu aya dina sajak, umpama ditilik hiji-hiji mah rumit pisan, tapi kusabab eta aturan jeung panduan teh ngan saukur "panduan", dina nyieun hiji sajak, pangarang sajak ngabogaan kabebasan dina nyieun sajak.
Contono, saperti dina panduan purwakanti wae, aya sababaraha rupa purwakanti. Ditilik tina perenahna, purwakanti dibagi jadi tilu rupa, nyaeta nu disebut purwakanti rantayan, purwakanti runtuyan, jeung purwakanti gabungan rantayan jeung runtuyan. Sedengkeun rupa-rupa purwakanti aya 10 rupa, nyaeta saperti nu disebut purwakanti pangluyu, purwanti maduswara, purwakanti cakraswara.
Salian ti purwakanti, sajak oge miboga klasifikasi, saperti sajak lirik, sajak, epik, sajak, satirik, sajak dramatik, jeung sajabana ti eta. Eta conto-conto teh sakadar nunjukkeun yen aturan jeung panduan nu aya dina sajak teh bisa kasebut rumit.
Sanajan aturan jeung panduan nu aya dina sajak, bisa disebut rumit, dina praktekna, hiji sajak henteu sacara jelas bisa disebut bener atawa salah dina nerapkeun aturan atawa panduan nu aya. Beda jeung sisindiran, guguritan, atawa wawacan nu miboga guru lagu jeung guru wilangan. Sisindiran mah gampil disebut salahna, umpama henteu saluyu jeung guru lagu atawa guru wilanganana.
Di handap ieu, conto sajak anu lobana 5 bait, dina sabaitna aya 5 baris, anu temana "guru". Dina conto sajak ieu, digunakeun purwakanti maduswara, nyaeta purwakanti anu murwakanti sora vocalna. Sedengkeun ditilik tina perenahna, purwakanti nu aya nyaeta purwakanti runtuyan, anu murwakantina nyaeta sora huruf vocal ahir nu aya di antar padalisan (runtuyan, ngaruntuy atar padalisan atawa baris) :
Guru
Guru tugasna mulia 8-a
nepakeun elmu nu aya 8-a
nepakeun ka balarea 8-a
anu perlueunna kacida 8-a
keur bekel hirupna jaga 8-a
Tara mikaharep pamrih 8-i
guru ihlas tina ati 8-i
keur kamajuan nagari 8-i
mun nagari aya hasil 8-i
bungahna ra'yat kaciri 8-i
Urang kudu mikahormat 8-a
ka pahlawan tampa pamrih 8-i
guru urang sarerea 8-a
nu ngajarkeun silih asih 8-i
ku mere elmu nu aya 8-a
Guru sok ngajar tarapti 8-i
murid kadang teu daria 8-a
karasana geus kiwari 8-i
hanjakal henteu diajar 8-a
teu diajar reujeung ati 8-i
Urang kudu mikahormat 8-a
guru urang sarerea 8-a
nu teu ngarep tanda jasa 8-a
nu aya nyaah di ati 8-i
ka urang salaku murid 8-i