kauger ku naon bae ari sajak?jentrekeun
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina sastra Sunda, sajak nyaeta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu henteu pati kauger atawa kaiket ku aturan. Sajak henteu siga guguritan atawa wawacan anu kauger ku aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan. Dina awal munculnya sajak dina sastra Sunda, aya pihak nu pro jeung kontra kana sajak. Anu kontra kana sajak, ngabogaan pendapat yen sajak kurang cocog jadi bagian tina puisi Sunda, sabab sajak henteu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan. Padahal dina puisi Sunda, harita teh geus aya wangun puisi anu siga sajak, nyaeta kawih jeung kakawihan. Tapi ahirna sajak bisa ditarima jeung bisa hirup dina sastra Sunda.
Pembahasan
Sanajan sajak henteu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan, saperti nu aya dina pupuh, sabenerna loba aturan jeung panduan nu aya dina sajak. Jadi, sanajan sajak teu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan, sabenerna mah sajak kauger ku aturan husus nu aya dina sajak. Aturan atawa panduan anu husus aya dina sajak, nyaeta yen dina sajak teh aya unsur instrinsik, aya rupa-rupa atawa klasifikasi sajak, jeung aya panduan pikeun nyieun sajak. Tapi kusabab sajak, saperti kawih, nyaeta mangrupakeun wangun puisi bebas, aturan atawa panduan anu aya dina sajak henteu ngiket sajak sapageuh guru lagu jeung guru wilangan ngiket pupuh.
Unsur intrinsik nu aya dina sajak nyaeta tema, nada, rasa, jeung amanat. Rupa-rupa atawa klasifikasi sajak nyaeta saperti sajak lirik, sajak epik, sajak dramatik, sajak satirik, jeung sajabana ti eta. Sedengkeun panduan nu aya dina nyieun sajak teh nyaeta, yen dina nyieun hiji sajak perlu merhatikeun unsur-unsur saperti imaji, simbol, irama, tema, gaya bahasa, wirahma jeung purwakanti.
Pelajari lebih lanjut
- Harti sajak brainly.co.id/tugas/7511385
- Sajak dina sastra Sunda brainly.co.id/tugas/14392009
- Bedana pupujian jeung sajak brainly.co.id/tugas/14375844
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII (1 SMP)
Mapel : Bahasa Sunda - Sajak
Bab : 6
Kode : 7.13.6
Kata Kunci : Sajak kauger ku aturan husus nu aya dina sajak