ceuk hidep,naha dina carita kumbakarna bagian-bagian anu pamohalan (teu kaharti ku akal) siga carita dongeng?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Carita Kumbakarna kaasup kana karya sastra anu disebut carita wayang. Carita wayang teh nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa karya sastra dina wangun prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto karya sastra anu kaasup kana prosa buhun nyaeta carita wayang jeung dongeng. Jadi, carita wayang jeung dongeng teh dua-duana sarua mangrupakeun prosa buhun.
Pembahasan
Conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta novel jeung carita pondok atawa carpon. Carita wayang jeung dongeng teh mangrupa carita rekaan atawa khayal. Sedengkeun novel jeung carpon bisa mangrupakeun carita rekaan atawa bisa oge mangrupa carita nyata.
Tapi, carita rekaan anu aya dina carita wayang jeung dongeng beda jeung carita rekaan nu aya dina novel jeung carpon. Carita rekaan nu aya dina carita wayang jeung dongeng bisa aya carita anu teu kaharti ku akal atawa pamohalan. Sedengkeun carita rekaan nu aya dina novel jeung carpon mah biasana sok kaharti ku akal atawa logis.
Jadi, memang carita wayang jeung dongeng teh miboga sasaruan dina caritana, nyaeta yen dina carita wayang jeung dongeng teh sok aya carita anu teu kaharti ku akal atawa pamohalan.
Conto carita pamohalan nu aya dina carita wayang nyaeta saperti aya jalma bisa ngapung atawa ngaleungit. Sedengkeun conto carita pamohalan nu aya dina dongeng nyaeta saperti aya sasatoan jeung tutuwuhan anu bisa ngomong.
Pelajari lebih lanjut
1. Naon anu dimaksud carita wayang https://brainly.co.id/tugas/5634639
2. Rupa rupa dongeng https://brainly.co.id/tugas/1338080
3. Naon bedana dongeng jeung carita wayang https://brainly.co.id/tugas/2279454
Detil Jawaban
Kelas : X
Mapel : Bahasa Sunda - Carita Wayang
Bab : 6
Kode : 10.13.6
Kata Kunci : Carita Kumbakarna, carita wayang, dongeng, pamohalan